Kumpulan Paribasa Sunda Lengkap Dengan Artinya

  Adab lanyap

Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun.

 

  Adam lali tapel

poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

 

  Adat kakurung ku iga

adat nu hese digantina.

 

  Adean ku kuda beureum

beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.

 

  Adigung adiguna

gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

 

  Agul ku payung butut

ngagulkeun luluhur sorangan.

 

  Akal koja

pinter dina kagorengan atawa kajahatan.

 

  Aki aki tujuh mulud

lalaki nu geus kolot pisan.

 

  Aku aku angga

ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

 

  Aku panggung

darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.

 

  Alak-alak cumampaka

resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

 

  Alak paul

tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

 

  Alus panggung = alus laur hade ome

tegep dedeg pangadegna.

 

  Ambek nyedek tanaga midek

ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper dirinapsu kapegung.

 

  Ambekna sakulit bawang

gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

 

  Anak puputon

anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

 

  Anjing ngagogogan kalong

mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).

 

  Ari diarah supana, kudu dipiara catangna

Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

 

  Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed

ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.

 

  Asa dijual payu

ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

 

  Asa ditonjok congcot

meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

 

  Asa ditumbu umur

Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.

 

  Asa nanggeuy endog beubeureumna

kacida nyaahna.

 

  Asa potong leungeun katuhu

leungiteun jalma nu pohara hade galena.

 

  Ati mungkir beungeut nyinghareup

palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

 

  Aub payung, sabet panon

sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.

 

  Aya astana sajeungkal

anu mustahil oge oge bisa kajadian.

 

  Aya bagja teu daulat

arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

 

  Aya di sihung maung

Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

 

  Aya hate kadua leutik

naksir.

 

  Aya jalan komo meuntas

aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

 

  Aya jalan komo meuntas

Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.

 

  Aya jalan komo meuntas

eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

  Aya peurah aya komara 

aya harega, aya pangaji.

 

  Aya nu dianjing cai 

Aya nu diarep-arep atawa digeroan.

 

  Ayakan tara meunang kancra

nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

 

  Baleg tampele

ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.

 

  Bali geusan ngajadi 

tempat dilahirkeun.

 

  Balung kulit kotok meuting 

teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.

 

  Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan 

beak karep ku rido jeung beresih hate.

 

  Banda tatalang raga

lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

 

  Belang bayah gindi pikir 

boga pikiran goreng ka papada kawula.

 

  Bengkung ngariung bongkok ngaronyok 

babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

 

  Beurat birit 

hese jeung sungkan dititah.

 

  Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana 

pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

 

  Beureum paneureuy 

seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

 

  Beuteung anjingeun 

ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.

 

  Bilih aya turus bengkung 

Bisi salah pokpokanana.

 

  Biwir nyiru rombengeun 

resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

 

  Biwir nyiru rombengeun 

Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.

 

  Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah 

henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

 

  Bluk nyuuh blak nangkarak 

Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

 

  Bobo sapanon carang sapakan 

aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

 

  Bobor karahayuan 

henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

 

  Bobot pangayun timbang taraju 

kabeh anu dipigawe kudu pinuh tinimbangan.

 

  Bonteng ngalawan kadu 

nu leutik ngalawan nu gede.

 

  Buburuh nyatu diupah beas

nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

 

  Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah 

Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

 

  Buluan belut, jangjangan oray 

pamohalan kajadian.

 

  Bungbulang tunda / tunda talatah

lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

 

  Buntut kasiran 

koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.

 

  Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang 

ginding, loba pakean anu aralus dipake.

 

  Buruk buruk papan jati 

ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

 

  Caang bulan dadamaran 

migawe nu kurang mangpaat.

 

  Cacag nangkaeun 

Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

 

  Cangkir emas eusi delan

omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

 

  Cara bueuk meunang mabuk

ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

 

  Cara gaang katincak

anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

 

  Cara jogjog mondok

carekcok bae, mani gandeng nacer.

 

  Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung

Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

 

  Cecendet mande kiara

Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

 

  Ceuli lentaheun

Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

 

  Cicing dina sihung maung

Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

 

  Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok

Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).

 

  Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung

Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

 

  Ciri sabumi cara sadesa

beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.

 

  Clik putih clak herang

Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

 

  Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna

Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

 

  Daek macok embung dipacok

daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

 

  Dagang oncom rancatan emas

ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.

 

  Dah bawang dah kapas

tah barangna tah duitna.

 

  Daluang katinggang mangsi

Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

 

  Desa maca cara nagara mawa tata

Ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.

 

  Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

 

  Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.

 

  Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.

 

  Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban

Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

 

  Dipiamis buah gintung

Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.

 

  Dipiamis buah gintung

disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.

 

  Disakompet daunkeun, dihurun suluh

dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.

 

  Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi

Dialak ilik lantaran dianggap aneh.

 

  Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup

lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

 

  Dogdog pangrewong

bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.

 

  Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur

ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.

 

  Dosa salaput hulu

kacida loba dosana.

 

  Dulang tinande

awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.

 

  Duum tinggi

ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

 

  Elmu ajug

pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

 

  Elmu sapi

samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

 

  Elmu tumbila

nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

 

  Elok bangkong

nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

 

  Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh

kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.

 

  Endog tara megar kabeh

najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

 

  Galehgeh gado

darehdeh tapi henteu terus kana hate.

 

  Gancang pincang

kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.

 

  Gantung denge

hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.

 

  Gantung teureuyeun

Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

 

  Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig

Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.

 

  Gede gunung pananggeuhan

digung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

 

  Gede gunung pananggeuhan

Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

 

  Getas harupateun, pingges harepan

Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

 

  Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma

Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.

 

  Gindi pikir belang bayah

Goreng hate, dolim, julig, dengki.

 

  Ginding kakampis

Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.

 

  Giri lungsi tanpa hina

Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

 

  Goong saba karia

Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.

 

  Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi

Euweuh anggeusna, euweuh beakna.

 

  Gurat batu

Pageuh kana jangji.

 

  Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna

Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

 

  Hade gogog hade tagog

Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

 

  Hade ku omong goreng ku omong

Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.

 

  Halodo sataun lantis ku hujan sapoe

Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.

 

  Hambur bacot murah congcot

Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.

 

Leave a Reply